Sabtu, 16 Januari 2016

HANJUANG DILAMPING GUNUNG SANGGABUANA

(Ajay Wijaya – Pepeling)

Sampurasun ka gusti nu maha agung
Neda widi kanggo ngaguar babad karuhun
Bubuka siloka carita ti para sinuwun
Bubuka carita gunung ti para linuhung
Nu kapungkur heureut letah heurin ku tangtung
Amit ampun nya paralun ka sang rumuhun 
Nu nyingraikeun handeuleum karusiahan
Mukakeun lawang caangna hanjuang
Dina titis tulis jeung uga nu ngawaruga
Pangwates adab waruga sareng sukma
Hanjuang cirining rasa..,,
Ciri rasa sajeroning raga
Dipasieup ku saung kadeudeuh sisi lamping
Dipageran ku pasir sareng dayeuh
Disilokaan ku carita pantun budak angon
Hanjuang ciciren dayeuh...,,
Nganjrekna dilamping gunung sanggabuana
Diapit ku gunung halimun sareng parangpang
Palih kulon nyarengan gunung sulah sareng parangpang
Palih wetan dijagaan tatapakan dina batu
Dipapaes ku undakan sawah nu matak betah
Hanjuang hanca katukang...,,
Rasa dina raga nu kasimpen dihandeuleum sieum
Sukma dina raga nu nyalindung dihanjuang siang
Puseur dayeuh nu nyumput dihandap buana
Puseur dayeuh nu kantos leungit teu aya laratan
Puseur dayeuh tatar sunda nu kantos medal
Hanjuang ciri laratan...,,
Ciri ka asih timantena kanggo balarea..,,


Tidak ada komentar:

Posting Komentar